MUNGGAHAN
Ditulis Ku: Kebo Hideung -Griya Mitra Batik Kawalu Tasikmalaya #21 Sept 2007

"Kamana Mang meni geus saged kitu ?"

"Puguh Lo..Amang teh aya nu ngajakan munggahan, kapanan isukan rek puasa"

"Aeh enya Mang, waktu teh asa nyerelek teu karasa..jol-jol tepung deui jeung bulan Ramadhan."

"Tah eta slahsahijina yen Alo teh betah teuing didunya."

"Ari kitu kumaha Mang ?"

"Heueuh..eta Alo geus poho kana waktu, batur mah didago-dago bulan puasa teh, ieu mah kalahka poho."

"He.he.he....lain kitu Mang, ngan enya we asa tereh panggih deui jeung bulan puasa, kahayang mah bulan puasa teh unggal bulan Mang."

"Ahh...sok aya-aya wae Alo mah, anu tahun kamari oge can dikodoan lain ?"

"he.he.he...muhun Mang sok kapopohokeun puguh oge."

"Naha atuh meni nangtang hayang puasa sataun jeput sagala ?"

"Kapanan ari puasana unggal bulan mah, meureunan nampa THR oge unggal bulan Mang."

"Har....Alo mah boga pikiran teh kana dudunya wae, kudu saimbang atuh Lo hirup mah."

 

"Muhun nya Mang kudu saimbang, mun nanggung suluh mah kenca katuhu kudu sarua beuratna nya Mang."

"Nya samodel kitu lah...aeh geuningan aya Ceu Erum..bade kamana Ceu ?

 

"Assalamu'alaikum Mang Utas.....Assalamu'alaikum Jang Alo..hapunten nya Eceu sok loba heureuy komo ka Jang Alo Eceu sok loba nitah..hampura nya Jang Alo." tembal Ceu Erum bari ngasongkeun dua panangana ngajak sasalaman ka Mang Utas jeung Jang Alo.

 

"Wa'.... alaikumsallam." tembal mang Utas jeung Jang Alo meh bareng, bari semu hemeng, ningali polah ceu Erum anu tara tisasari.

 

"Yeuh Mang Utas..Jang Alo..Eceu teh puguh asa kabentar gelap tengah poe ereng-erengan geura." tembal Ceu Erum deui bari luway-lewey nyariosna nembongkeun lipensetipna anu ambucuy beureum.

"Ari kitu Kunaon Ceu..?" tanya Mang Utas

"Puguh Mang kuring teh aya nu ngajak botram, pedah enjing rek munggahan." tembal ceu Erum

"Halah..paling oge diajak botram ku si Riweuh...!" celengkeung Jang Alo, bari ngajebian

"Enya ah..Ceu Erum mah..sugan teh naon, pedah asa dibentar gelap tengah poe sagala." sambung Mang Utas

 

"Ihhhh...sanes atuh Jang Alo, piraku diajak ku Kang Riweuh asa kabentar gelap tengah poes sagala..ieu mah anu ngulemna oge pupuhu lembur Mang !" tembal ceu Erum

"Hmmm...ngarahul teh asa kabina-bina teuing Ceu Erum mah." tembal mang Utas bari rada ngabalieur

"Enya ceu Erum mah..jiga tim sukses wae hayang diajak botram ku pupuhu anyar."

 

"Har..meni teu percaya ka Eceu teh..abong-abong Eceu teu ditiung..!"

"Matakna ceu ditiung geura meungpeung rek Puasa, kapanan artis oge anu tadina dibuligir sirah ari bulan puasa mah ngadadak ditariung." tembal mang Utas

"Halah Mang...teu ngajamin ditiung bisa dipercaya batur, puguh rek botram jeung si Riweuh hayoh kalahka ngaku-ngaku diulem botram ku pupuhu lembur....basi Mang...!"

 

"Ke..ke.ke....naha Jang Alo jadi sewot kitu? aya naon ieu teh Lo..?" tanya mang Utas bangun nu teu ngarti

"Timburu nya..ka Kang Riweuh..?" sambung ceu Erum bari ngadilak ka Jang Alo

"Teuuuuuu...kuring mah teu Timburu ka sasaha....ngan aneh we kuring mah, geus ah..kuring oge rek botram jeung Gubernur..hampura nya Mang, Ceu... ." tembal si Alo bari tuluy ngaleos indit

 

"Astagfirullah al'adzim...eta si Alo aya kituna...hmmm hampuraeun si Alo mah Ceu." gerendeng Mang Utas bari gogodeg

"Muhun Mang ku kuring oge tos dihampura, kuring oge hampura atuh bilih aya kalepatan salami ieu." tembal Ceu Erum

 

"Enya ceu.kukuring dihampura, pon kitu deui kuring oge sarua menta dihampura, urang teh mapag bulan suci teh kudu ku hate bersih, ngarah bersih hasilna tur meunang pangridho ti Gusti anu Maha Suci."

 

"Tah ayeuna mah sakalian we kanggo anu sok rajeun macaan paguneman Mang Utas, amang saparakanca bade meredih kaasih, tur menta dihampura kasadayana boh bilih baraya sadaya aya anu kabadug kalbu atawa katoel hate ku tulisan-tulisan Mang Utas saparakanca, sakali deui Mang Utas saparakanca nuhunkeun dihapunten...Marhaban Ya Ramadhan...wilujeng saum."

 

Cag.

 

 
M*E*R*E

Ditulis Ku: Kebo Hideung -Griya Mitra Batik Kawalu Tasikmalaya #Juli 2008

Kunaon Lo nguyung kitu? jiga keur boga kasusah.
Ah..geuleuh uing mah Mang..jaba campur sebel hayang utah ningali beungeutna oge !
Har..ari Alo.. hayang utah mah atuh tinggal utah, tong dihenghem kitu kalahka matak lieur kana sirah.

Mang...! ieu mah lain hayang utah jiga anu mabok dina beus, tapi...
Tapi naon Lo..?
Enya we..uing teh sebel ka si eta teh !
Ka saha Lo ? sing jentre atuh ngarah teu jadi fitnah.

Kasaha deui atuh Mang mun teu ka si wadah runtah mah.
Tuh nya Alo mah teu puguh, sagala disebut, saha atuh maksud teh ?
Eta si Ewok Mang, pikasebeleun jaba matak ngerakeun jalmana..!

Ari kitu pedah naon Lo, jiga anu ambek pisan?
Kieu Mang caritana mah...
Cikan kumaha Lo...sok nyalse we ngobrolna
Basa kamari kapanan aya tamu ka bumi mama ajengan
Tamu timana kitu?
Ah..duka teh teuing tamu timana-mana namah, da eta tamu teh disuguhan beuleum lauk gurame jeung sagala rupa.
Tuluy kumaha ?
Nya pondok caritana mah si tamu teh taruang we balakecrakan, bakat ku loba tuangeun, nya nyesa we gurame jeung nu sejenna teh.

Tuluy hubungana jeung si Ewok naon Lo?
Tah eta anu matak pikaseueuleun teh..
Enya atuh naon Lo..?
Tah..sisa tuang tamu teh diringkid ku si Ewok kabeh teu nyesa, tinggal wadahna Mang..!  Coba emut ku Amang pan matak ngerakeun...!

Ha.ha.ha.ha.....sugan teh kunaon ha.ha.ha.ha...
Naha Amang kalahka seuri..?!
He.he.he...hampura Lo..lain nyeungseurikeun Alo ieu mah, tapi hayang seuri ku kalakuan si Ewok amang mah.
Ah..nukitu mah boro-boro matak pikaseurieun Mang, nu puguh mah matak hayang nalapung.

Enya Lo saliwat mah kalakuan si Ewok teh pikasebeleun, hese Lo si eta mah geus adat ka kurung ku iga, lain carekeun tapi maklumeun si Ewok mah.
Kieu Lo... hirup mah tong sok hayang dibere, tapi hirup mah kudu bisa mere ka batur, hartina salengkah-lengkahna urang teh kudu bisa mawa atawa mere mangfaat keur batur, Insya Allah hirup urang moal ngarasa kakurangan.

Ah..da uing mah teu hayang dibere gurame, komo eta gurame pasesaan..!
Enya matakna geus tong dipikiran, da moal matak ngabalikeun deui gurame anu dibawa ku Si Ewok, ayeuna mah mending syukuran, Alo mah teu dibere gurame oge kapanan boga di balong, tuh ting suruwuk meupeuskeun cai anu sakitu herangna.

Hmm..enya nya Mang, naha uing teh bet boga hate sirik ningali polahna Kang Ewok, padahal uing mah gurame oge tinggal nyiuk di balong.

Tah alus atuh ari geus kaharti mah, sok anggur mah bere tah si Ewok, karunya kapanan manehna mah teu boga endol-endol acan komo balong mah. Jaba si Ewok mah budakna oge reuay, atoheun geura dibere gurame anu sakilo oge.

Ah enya Mang kuring rek mere kang ewok, itung-itung panebus dosa, dupi si Bibi resep gurame?
Ihh...puguh we atuh Lo, ari gurame mah kasedep manehna ti jaman leutik mula.
Ke atuh sakalian nitip kaanggo si Bibi sina dipasak.
Ah..teu kudu Lo..tapi ari Alo ridho mah teu nanaon hehehehe...

Antosan sakedap nya Mang, uing ngala lauk heula.
Enya jig atuh..ku Amang didagoan di warung. 


*****************************************

 

Make a free website with Yola